Respuesta :

Answer:

Cerpen Bahasa Sunda

Judul:Liburan kenaikkan kelasku

Pamasihan rapot atos dilaksanakeun dinten kamari di sakola, alhamdulillah dina rapot abdi dinyatakeun naék kelas XII, sareng nilai abdi ogé langkung saé. Sanaos abdi teu lebet réngking nanging abdi ngaraos gumbira, sabab nu peryogi kanggo abdi mah nyaéta tiasa naék kelas sarta henteu diremedial.

Ku sabab pamasihan rapotna atos réngsé, abdi ngarasa janten bungah. Atos kabayang, yén liburan kanaekan kelas ayeuna téh bapa sareng emi abdi pasti ngajakan abdi angkat liburan ka tempat-tempat wisata anu nyenangkeun sepertos biasana.

Ayena dinten sabtu, dimana nu mangrupakeun liburan peré sakola abdi anu kahiji, dinten éta abdi atos hudang isuk-isuk. Abdi ngabayangkeun “Liburan peré sakola ayena abdi badé diajak kamana nya?” Taros abdi dina jero hate. “Ah, kamana waé ogé eta, anu peryogi mah liburan sakola ayena tangtos ngagumbirakeun”.

Teu lila.. Abdi nuju ka emi sareng bapa abdi, anu kaleresan keur aya dirohangan tamu. Abdi tumaros “Pa, mi, lamun liburan sakola ayeuna badé kamana nya?” Bapa sareng emi abdi silih patingali.

Teu lila bapa abdi nembalan: “Yuni, liburan peré sakola ayena mah wayahna di bumi waé nya ngabaturan pun emi, ulah kamana-mana. Sabab bapa aya padamelan angkat kaluar kota. Nah, engkin lamun aya wanci peré sakola deui, Bapa jangji urang angkat liburan sepertos biasana.” Tembal bapa abdi.

Sabenerna abdi ngarasa kuciwa ka bapa abdi nu nyarios kitu. Nanging, badé di kumahakeun deui atuh? abdi ngan saukur tiasa nampi kaputusan ti bapa abdi. Otomatis dinten-dinten peré sakola abdi ogé janten ngan saukur di bumi hungkul.

Saenyana mah, abdi téh hoyong ameng, teuing éta sorangan atanapi sareng rerencangan. Nanging, emi abdi nyaram sarta abdi ogé kedah ngabantosan padamelan nu aya di bumi. Emi abdi nyarios yén abdi teu kengéng ameng waé, margi emi abdi hoyong ngadidik abdi cara ngurus bumi, saperos masak, nyeuseuh, menyetrika baju, sareng nu liana.

Emi abdi ngajarkeun abdi kana perkawis-perkawis kasebat téh supados abdi tiasa teuneung lamun hiji wanci abdi atos kuliah, didamel, atanapi atos rumah tangga, abdi tos tiasa ngaleukeunana kusabab meren abdi téh anak pun istri.

Jujur waé, abdi saleresna mah hoyong ngabantah naon anu di carioskeun ku kolot abdi. Nanging, abdi ngan ukur tiasa nampi sarta ngiring naon waé anu ku emi abdi perintahkeun. Sabab, kawajiban salaku anak mah nyaéta kudu patuh sareng hormat ka naon waé anu dititah ku kolot, dimana éta teh sabenerna nu paling saé keur diri urang.

Dina hiji sonten, emi abdi ngadatangan ka kamar abdi sabari ngetok-ngetok panto kamar. Teu kungsi lila, abdi ogé teras muka panto..

Abdi: “Aya naon, mi?”

Emi: “Buru geura ibak ayeuna”

Abdi: “Nya, emangna urang saleresna badé kamana mi?”

Emi: “Emi hoyong ngajak ka taman kota. Nya, itung-itung liburan lah, ulah cicing di bumi waé?”

Abdi: “Hah, leres mi? Mangga lamun kitu mah abdi nuju ibak heula”

Saatos ibak, abdi sareng emi abdi ogé saterasna angkat ameng ka taman kota. Sanaos ngan ameng di ditaman kota, nanging teuing kunaon abdi ngarasa asa gumbira pisan!

Duka tos sababaraha dinten kamari mereun lami teuing di bumi, atanapi kakarak pisan ameng ka taman kota? Atanapi tiasa ogé, ieu téh mangrupakeun liburan kahiji abdi sareng emi abdi? Ah, naon ogé éta, anu penting mah abdi badé ngarasakeun suasana liburan nu nyenangkeun ieu sareng emi abdi.